Welcome to my site

Kiki Kikuchi. blog ini merupakan penggalan cerita dan kisah perjalanan hidup seorang kiki yang ingin diabadikan. mudah-mudahan bisa menjadi sesuatu yang berguna buat kiki dan semua orang di sekeliling kiki.

Carita Basa Sunda: Maung Soleh

Saturday, November 10, 2007

---Ieu carita katampi ku pribados tina milis, sanes asli karangan pribados.


Judulna:

Maung Soléh

Kacaritakeun….


Aya hiji jajaka muslim nu teu Juma'ahan. Manéhna kalahka ka leuweung rék moro hayam leuweung. Keur keketeyepan dina jukut nu jarangkung jeung bala, ujug-ujug papaliwat jeung sakadang Maung nu keur saré. Bakatku reuwas, bedilna murag kana jungkrang. Manéhna labuh, ngagedebru pas pisan diluhureun batu… Kraakkkk! Dua sukuna potong…

Ieu mah lain béja goréng. Tapi goréng béjana nyaéta sakadang Maung nu tadi keur saré hudang tuluy nyampeurkeun jiga nu rék ngahakan, mangkaningan manéhna geus teu bisa walakaya.

“Ya Allah,” éta jajaka ngadu'a,

”Hapunten sagala dosa perdosaan kuring pédah teu Juma'ahan dina poé Juma'ah nu mulya ieu…


Hapunten ya Allah, jantenkeun ieu Maung nu ngudag kuring, janten Maung nu soléh… Tulung ya Rab…! Amiiin….”

Sakedét nétra aya sora ngaguruh! Sakadang Maung ngarandeg hareupeun pisan éta jajaka.... Dua sukuna nu hareup dikaluhurkeun bari nyarita,


”Allaahumma baarik lanaa, fiimaa razaqtanaa, wa qinaa adzaabannaar. Amin!”